Nu Tos Ningal Ieu Blog

Minggu, 03 Agustus 2014

"Rada Gensi Make Basa Sunda"


Cibinong, 4 taun katukang. Kuring jeung balad indit ka Mega Finance keur interview di Cibinong-Bogor. Indit jam 6 ti Jakasampurna Bekasi. Balad datang ti imahna di Jakasetia ngajemput kuring di Kampung dua Jakasampurna Bekasi.
Ka cibinong make jalur tradisional cawang-uki-kp.rmbutan-cibinong (arah puncak). Geus nepi di Cibinong nu jadi kota rame (ibukota kabupaten Bogor). Kuring yakin ieu daerah masih kuat Sundana. Ngarana ge "Cibinong" sunda pisan, komo ieu Bogor. Tapi ketang di Jakarta Cilincing, Cikini, Cililitan jrd, beak sesa2 Kasundaanana. Tapi ieu bogor men, ceuk hate the.
Caritana interview geus beres we, da formalitas (nothing to lose) rek lulus henteuna nu penting geus usaha.
Jam 10 beres, interview mah dimulai jam 8.30. Kuring nepi Cibinong jam 7.15, ngopi heula di warung sisi jalan, budak ngora nu dagangna (sapantaran lah) rada gaul oge make topi dibalikeun. Pas nepi di warung, balad urang mesen kopi hideung jeung mi godog maklum can pada sarapan, urang ge nurutan mesen eta.
"Kang, pesen mi rebus ama kopi item, sekalian roti nya deh" ceuk balad kuring, manehna apaleun ieu daerah Sunda, jadi manggil "akang" biasana mah si "mas" atawa "abang". Babaturan asli minang tapi borojol di Jakasetia Bekasi Selatan, jadi kabebetawian bahasana. Tadina urang rek mesen dahareun ka tukang dagang make bahasa Sunda, tapi memeh eta babaturan tukang dagang datang ngajak ngobrol ka manehna make bahasa gaul kabebetawian "eh lo kemana aje?" Ceuk babaturan tukang dagang, "gw sih ade aja" tembal tukang dagang, obrolanna lanjut make bahasa siga kitu. Bari ngaladangan dahareun balad urang. Saprak tidinya urang kagok make bahasa Sunda ka manehna, da meureun manehna lain urang Sunda jadi bisi teu ngartieun. Kasempetan make basa Sunda gugur.
Teu sabaraha lila ti eta manehna (tukand dagang) kadatangan babaturan hiji deui. Ieu mah pakeana teu ngota teuing. Celetuk the "maneh apal teu kamari the jak bentrok jeung kabo di deukeut stadion? Tanya babaturan tukang dagang, "apal atuh, kan urang nyaksian didieu, langsung tutup warung ge sieun kabaledog" jawab tukang dagang.
Kuring reueus ngadangu eta obrolan, geuning maranehna urang Sunda. Najan ti mimiti teu nyirikeun Sundana, atawa emang di Cibinong geus nyampur pisan jelemana??? Meureun Jakarta, bekasi jeung Tangerang the siga di Cibinong ayeuna, taneuh jeung rahayatna urang Sunda tapi rada gengsi rek nunjukkeun ieu Sundana.
Kuring ngan bisa narawang, 30 taun Tatar Sunda beak basana (euweuh nu ngagunakeun deui). Urang Sundana aya, katurunana aya, tapi gengsi makena, ngan ngaku we urang Sunda dina catatan sipil. Jabdetabek geus leungit jatidiri Sundana. Jawa Barat, Banten sakeudeung deui, mun siga kieu mah. Sunda ngan tinggal sajarah. Ninggalkeun ngaran tempat daerah nu make awalan Ci-.
Kuring ge heran, kunaon bangsa Sunda era ku basa jeung budayana sorangan, nu ngalestarikeun jeung ngamajukeun basa &budaya mah nya bangsana sorangan.
Mudah2an loba keneh nu reueus kana budaya Sunda ti bangsa Sunda sorangan, ulah nepi Budaya Sunda paeh di Taneuh sorangan, komo ke aya nu ngaku kabeungharan budaya Sunda ku bangsa sejen.
Bangsa jeung budaya diciptakeun ku Alloh, naon2 wae nu diciptakeun ku Alloh kudu dipikahema meh lestari sangkan nambah iman jeung takwa ka Gusti Pangeran, Alloh nu maha Agung, maha kawasa nu yiptakeun manusa jadi macem bangsa jeung basa.



ASK-PASUNDAN JAYA

1 komentar:

Unknown mengatakan...

Ulah erah ku jatidiri eta warisan ti gusti Alloh, nu diwariskeum ku karuhun urang, kolot kolot urang, ulah nepi anak incu kaleungitan jati dirina.