Nu Tos Ningal Ieu Blog

Kamis, 23 Februari 2012

Ayun Ambing

Diais dina samping nu geus belel,tapi angger nyaah mah moal belel nepi ka iraha ge.
"yun ambing, ayun ambing...geura bobo..."
tembang lawas pikeun nyarekeun budak sanggeus nyusuan atawa ngarepehkeun budak nu rewel ku kasakit.
Karasa kanyaah nu jadi indung, najan beurat ngangais.Memehna ngaregang nyawa ngaluarkeun orok,memehna dibeungbeuratan ku jabang bayi.Naon nu kurang ti nu jadi indung?
Nu aya ge nu jadi budak nu can bisa mulang tarima,can bisa nyenengkeun malah ngabeunbeuratan jeung nyusahkeun.

ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: