Nu Tos Ningal Ieu Blog

Kamis, 23 Februari 2012

Panineungan Nu Sajati

 
Panineungan nu sabenerna aya dina surgana Alloh. Tempat nu dimana urang diogo jeung ngarasakeun kabeh kabungahan, kabeh kabagjaan, kabeh kasenangan, taya duka lara, euweuh nu manyun jamedud, euweuh nu pasirik-pasirik, kosong nu lapar jeung nu haus. Kabeh warga Surga ngan pasti dihiasan ku imut jeung seuri. Euweuh nu pendek euweuh nu jangkung kabeh sapalantar. Euweuh nu kolot, euweuh aki-aki, euweuh nini-nini, ngan aya pamuda jeung pamudi nu hade rupa alus dedeg. Damey, aman, tengtrem katut endah pisan geus pasti iuh mah, pinuh ku tatangkalan gede tur buahan nu bisa diala jeung didahar jeung rasana teh ngeunah sangeunah-ngeunahna buah. Cai ting ngalocor herang saherang-herangna. Langitna lenglang biru-sabiru-biruna.  Nu pikangeunahaeun di Bumi pasti aya di Surga  ditambah hal hal anu moal mungkin aya di Bumi pasti bakal aya di Surga, jeung ieu teh moal beak-beak najan hayoh didaharan, hayoh diinuman jeung hayoh dipakean. Di Surga ngan bobogohan jeung  pamajikan ditambah bidadari (nu geus kawin), nu acan disadiakeun bidadari pilhan nu didam-idamkeun ku manehna. Surga pinuh ku asmara, lain asmara nu palsu nu bisa kahapus ku umur jeung harta. Ieu pasangan langgeng abadi. Loba nu ngabageakeun di Surga, aya orok atawa anak nu tos maot di Dunya jadi ngabdi ka kolotna ditambah dilayanan ku Malaikat-malaikat surga nu siap sadia teu perlu diparentah da geus hideng sorangan. Nu pangpentingna mah warga Surga bakal papendak jeung pamimpin umat manusa nyaeta Nabi Muhammad SAW tur kabeh nabi Alloh. Leuwih penting eta aya deui nyaeta bisa ningal ALLOH SWT nu nyiptakeun urang sadayana tur alam samesta kaasup surga nu pada dipikaarep ku kabeh mahluk. Jeung masih loba kanikmatan-kanikmatan nu dipaparin di surgana Alloh, moal bisa disebutan hiji-hiji saking teu bisa kaitungna bakat ku loba jeung terus-terusan euweuh tungtungna. Naon deui nu kurang? Ieu teh lain sakejap tapi saenengna nu moal aya tungtungna?

Manusa mah ngan mahluk lemah nu teu walakaya, mahluk nu asalna euweuh teu mangrupa tapi diayakeun jadi rupaan.  Jadi naon deui iwal nurut kanu nyiptakeun sareng ngayakeun urang sadayana nu asalna euweuh tea. Manusa mah  ngan  bisa ngabayangkeun teu bisa ngukur kana kakuasaan Alloh. Jeung mah manusa teh kurang bisa nganuhunkeun sagala nu geus dipaparin ku Gusti Alloh, ngan ngeluh jeung ngeluh nepi ka ibadahna poho sarua jeung sumanget hirupna. Entong nepi kaitu urang sakabehna! 



ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: