Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 08 Oktober 2011

Wanoja Nu Dikabaya


Diuk andeprok,
Kaciri samping coklat nu metet pingping jeung sukuna nu lenjang tur bodas,
Kaluhurna maka kabaya warna kayas nu ngeukeupan awak nu singset,
Rarayna cahayaan ku kageulisan,
Buukna diantep ngambay panjang hideung gomplok,
biwirna kayas siga kabayana,
panonna matak metot panon lalaki,
ngahiliwir seungit malati ti awakna,
Matak lalaki betah dideukeutna,
Nya keur teh keur meujeuhna,
Matak nambah aura kamojangan
Mojang Priangan


ASK-PASUNDAN JAYA

Tidak ada komentar: