Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 18 Desember 2010

Balik

Balik nyaeta pagawean nu ngagambarkeun mulang ka asal. Conto manehna lahir di Majalengka terus gawe di Jakarta, pas lebaran balik ka lemburna. Balik biasana sok dibarengan ku rasa bungah pedah rek ka tempat asal. Siga budak sakola nu bungah mun tereh waktuna balik. Mun urang balik ka lembur sok bungah beda jeung rek indit ti lembur sok asa beurat hate teh. Balik bisa kumpul jeung kolot & baraya beda jeung indit ngumbara, lieuk deungeun ragap taya. Aya nu pasti bakal balik kabehanana nyaeta balik ka nu nyiptakeun.

Tidak ada komentar: