Nu Tos Ningal Ieu Blog

Rabu, 01 Desember 2010

Hareudang


Kipas angin teu weleh muter bari lieuk kenca lieuk katuhu.Najan peuting tapi hawa meni panas.Tiis teh basa urang keur muriang.Dimandikeun ngan ukur adem sakeudeung.Kesang ngoprot deui maseuhab baju nu karek ganti.Baju dibuka talanjang dada,eta pagawean beurang jeung peuting.Dibaju teh pas indit gawe.Kadang ngeunah talanjang dada digeberan kipas angin.Ngan isuk-isukna beuteung mules.Hmmm...hawa pantura pulo Jawa nu geus kasohor ku panasna ditambah bolongna langit diluhureun sirah.Geus ruksak alam teh.Wayahna

Tidak ada komentar: