Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 11 Desember 2010

Lengkong Panyerutan


Lengkong Panyerutan nu piwaaseun keur simkuring

Harita kuring borojol di ieu lembur

Najan aya di kota tapi wargana daek gotong royong siga di desa

6 taun lilana, tapi kacangreud dina ati

Moal bisa leungit ku muterna waktu



Lengkong Panyerutan nu jadi Lengkong Barat

Sisieun walungan Ciloseh

Kidulna aya Statsion



Lengkong nu katelah padetna

Loba gang sempit sameteran

pasambung sambung ngajadikeun pirumiteun

nu karek apal mah pasti sasab



mun keur pere geus THB

sok maen langlayangan

pangleutikna ge ukuran sameteran

nu leutik mah tara dipake



Ka Statsion salain ningali kareta

sok ngagelengkeun duit jadi gepengan

kadang paku jeung pepesoan

kadang ngaheureuyan bule di kareta argo



Beurangna sok aya latihan bokser

pus ap sit ap nurut palatih

neunggeul jeung najong karung keusik

lumpat mah unggal waktu di lapang tenis



Beca pabalatak sok dipake kaulinan

biasan nu teu digembok sok ditaekan

baruda aajrutan duna beca

nepi nu boga beca datang jeung nyarekan

teu matak kapok malah diulang isukna deui



Basa bulan puasa, di lembur sabeulah

Kalangsari nu jadi saksi

Nabeuhan dulag teu eureun eureun

Pupujian kitu deui

matak rame puasa teh



Taraweh sok pangramena

pasered sered nu keur taraweh nepi ka labuhna

kadang sok morosotkeun sarung batur

komo mun keur ruku mah sok dicolok bujurna



Ai di lengkong mah rame ku merecon

pepetasan jeung kembang api patembal tembal

rame pisan euweuh bandingna



Ningali caahna ciloseh

ngabentur batu nu gede

ditambah hujan nu ngagebret

matak hate nyeredet



Katingali aya makam batara belah kulon

nu pinuh ku tangkal kamoja

belah kencana aya makam Gunung Dalem

nu dihieuman ku tangkal awi



Lengkong geus robah pisan

loba wangunan jeung gedong anyar

matak beuki sempit taneuh teh

leuwih heurin batan jakarta

Tidak ada komentar: