Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 04 Desember 2010

Langit Peuting


Langit biru caang keur beurang.
Ngadadak poek mongkleng hideung.
Saringenge geus ka kulonkeun.
Bentang-bentang barijil nyaangan langit.
Ngahias bulan nu koneng kacaangan saringenge ditukangeunana.
Endah pisan matak teu serab kana panon.
Matak mawa katengtreman ati nu keur beurang ngagolak ku ramena dunya.
Kadang sok katingali bentang murag nu ngabuntut seuneu jiga kembang api nu mulasan langit hideung.
Kadang ti jauh sok aya bentang koneng nu rada gede nembongan.
Mun ningali langit peuting,kacida agungna Pangeran.

Tidak ada komentar: