Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 18 Desember 2010

Kawasa Indung

Indung teu beda jeung awewe lianna.Indung dicipta kumaha kodrat awewe. Leuwih lemah tibatan lalaki, boh dina raga & pamikiranna. Tapi nu jadi indung leuwih kawasa tibatan nu jadi Bapa. Perbandingana ge 3 keur indung 1 keur bapa. Dina jaman Rosul oge kacaritakeun aya hiji jalma nu taat ibadah & ngabakti ka indungna, tapi sanggeus kawin manehna rada ngutamakeun ka pamajikan tibatan ka indungna. Nepi indungna bendu, harita jalma eta sakarat ripuh pisan teu bisa ngucap sahadat-sahadat acan, padahal dibimbing ku Rosul. Sanggeus dihampura, manehna bisa ngucap sahadat jeung bisa maot.

Tidak ada komentar: