Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 11 Desember 2010

Sarjana Ngora


Uncag incig pamuda ngora

Make jeket kuleuheu ditaktakna

Biwirna meni garing pisan

Kabawa nyelap sarabut jukut



Ningali jelas mega nu ngaheuyeuk

Beungeut pias katingali jelas

Lengkah nu teu apal arah

Kesang campur kebul jalan



Maneh sarjana ngora

hese neangan gawe

ngandelkeun ijasahna

opat taun lilana

ngagugulung eujeung buku

keur ngajamin kahareupna

lengkahnana eureun di hareup buruan, aya hiji jawaban



Ngalamun bari leuleus

ngalengkah ka panto kantor nu diarep

masih ngahiung kecap euweuh lowongan



Teu paduli, rek usaha deui

tapi tetep kecap eta deui nu dibere

ningali mega nu jelas gerak

Beungeut pias katingali jelas.



Maneh sarjana ngora

hese neangan gawe

euweuh guna ijasahna

ngagugulung jeung buku

Percuma kabehannana

satengah kuciwa

manehna ngomong "hampura ema"



Lirik : Iwan Fals

Tidak ada komentar: