Nu Tos Ningal Ieu Blog

Minggu, 05 Desember 2010

Ribet


Pamuda 26 taunan,
bolak balik di rohangan,
baju rikes teu katulungan,
buukna acak acakan,
lain gelo lain edan,
eta jalma kasusahan,
mikiran pamajikan,
nu eukeur boboran,
paraji laleungitan,
rumah sakit jadi pilihan,
najan bakal loba pangaluaran,
hayang murah gratisan,
si pamuda kudu laporan,
rt/rw pangaduan,
tembusna ka kalurahan,
nguruskeun jaminan kasehatan,
gratis dina tulisan,
lain berarti jaminan,
loba nu mempermainkan,
pamuda bingung pisan,
kumaha nasib budak jeung pamajikan
pajabat mah seuseurian,

Tidak ada komentar: