Nu Tos Ningal Ieu Blog

Jumat, 03 Desember 2010

Puasa


harita basa urang keur kelas dua

keur resep-resepna puasa

poe eta urang kabeurangan

pedah keur beurang jalan-jalan

hudang geus jam lima

saur teu kalaksana

kuring tetep hayang puasa

tapi hayang saur heula

nawaetu saur jam lima

ngan ke buka bada isa

da telat sajam lilana

dasar pamikiran budak

adan magrib geus disada

kuring tetep can buka

da saur jam lima

kolot nitah buka

tapi kuring puasa nepi adan isa

pas ngong isa

karek kuring buka puasa

nikmatna puasa

najan nyieun aturan nyalira

Tidak ada komentar: