Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 04 Desember 2010

Kolot


Kamari mah aya keneh,
kungsi nyaritakeun jaman Walanda jeung Jepang.
Anjeunna pernah ngajarkeun basa Walanda jeung Jepang.
Ayeuna tinggal panineungan.
Nini kuring parantos diabsen ku Pangeran.
Jauh ti eta aki & nini ti Bapa tos mangkat.
Kamarina Ua,Bibi,Mamang,Kapilanceuk tos ngahiji jeung Bumi.
Masih jelas raut wajahna,sora seurina.
Ayeuna nu aya ngan tinggal nu ngora.
Nu masih diajar hirup di dunya.
Kolot loba ngajarkeun urang meh jadi jalma nu mangpaat keur dunya aherat.
Meumpeung aya kolot,bagjakeun ayeuna!

Tidak ada komentar: