Nu Tos Ningal Ieu Blog

Sabtu, 11 Desember 2010

Lembur Nu Jadi Panineungan


Bau taneuh nu kahujanan

seungit lembur panineungan



halimun nu turun jadi pamandangan

hawa isuk tiis nyecep ka awak



manuk disada ting piriwit

ditembalan ku sora hayam nu kongkorongok



cikopi nu karek cur panas pisan

matak kebul seungit kopi

dibaturan kulub sampeu haneut haneut

sadia bako jeung pahpir



halimun, kebul cikopi jeung haseup bako ngahiji

ririungan bari nyaritakeun baheula

bari ngadengekeun kacapian ti RRI

ngahaleuang sinden nu katineung ati



tetempoan teh masih keneh loba tangkal

hejo daunna matak iuh

herang buahna matak kabita

alam baseuh ku hujan nu tiis



Geus beak kopi, bako jeung sampeuna

si aki nangtung siap siap ka sawah jeung ka kebon

mawa pacul jeung bedog

mun balik sok mawa dahareun tina hasil sawah jeung kebon



Najan basajan, meni karasa hirup tengtremna

dahar saaya aya nu aya di sawah jeung di kebon

sangu, endog, peuteuy, jengkol,roay, jaat,bonteng, lalab ditambah sambel

nginumna cienteh nu panas.

saha nu moal nambah?

nikmat pisan hirup basajan.

2 komentar:

teja mustika reharder mengatakan...

emmmpp, foto dimna eta..
tk ceurik ninggalina, inget lemkuring nu te eleh endahna

Unknown mengatakan...

Di daerah Garut ,....