Nu Tos Ningal Ieu Blog

Kamis, 04 November 2010

Jampe Ngusir Manuk Cungcuing


ASK-PASUNDAN JAYA

Manuk Cungcuing rupana mah lucu siga manuk tikukur tapi sorana matak muriding bulu punduk. Cungcuing sok nandakeun bakal aya nu tereh maot di lembur nu didatanganana. Komo deui cungcuing mun disada di buruan imah, teu salah deui nu di imah aya nu keur gering, rek kapapatenan. Kolot baheula biasana mah sok ngucapkeun "kulu napsin da ikotul maut" trus ditambahan "hus..hus..geura indit jauh ka sabrang ka palembang (mun balikna mawa kurupu) mun ngadenge sora cungcuing. Sigana di Palembang loba cungcuing???

Tidak ada komentar: