Nu Tos Ningal Ieu Blog

Selasa, 23 November 2010

Ngaran Teh Penting


ASK-PASUNDAN JAYA


Ceuk sastrawan Inggris "Apalah artinya sebuah nama?"...Eta ungkapan teh kacida bodo pisan teu gableg pamikiran.

Elmu nu mimiti dibere ku Alloh teh nyaeta ngajarkeun atawa nganyahokeun pamerean ngaran-ngaran mahluk nu aya di Bumi ka Nabi Adam meh nyaho jeung jeung ditaliti ku manehna jeung anak incuna nepi kiwari. Ngaran oge hiji-hijina wasiat ti kolot nu tumerap ka diri urang nepi ke diabsen ku Alloh di aherat engke pikeun dimenta tanggungjawabna. Naja urang didieu lain make ngaran asli, tapi ieu mah ngaran landihan ti dulur.

Nyieun ngaran teu asal sambarangan, kudu dipikr jeung kudu hade artina. Da ngaran teh asa atawa du'a urang meh budak nu dibere ngaran siga nu dipikahayang urang dina du'ana.

Ngaran asli wajib dipake di ijasah jeung pagawean resmi, terus kudu dipake di batu nisan meh anak incu jeung dulur-dulur apal kana kuburannana.

Dibalik ngaran aya deudeuh kolot nu geus cape-cape mikiran ngaran jeung budakna, meuli buku daptar ngaran-ngaran alus,nanya ka dulur jeung tatangga sarta sesepuh jeung ulama.Tujuanna hiji hayang mere ngaran ka budakna nu alus jeung jadi du'a eta ngaran nu sauai arti dina ngaranna.

Jaga ngaran sewang-sewang, eta teh harga diri urang jeung kolot urang.

Tidak ada komentar: