Nu Tos Ningal Ieu Blog

Selasa, 30 November 2010

Pulisi (The Police)


Pulisi

gagah berani

negakkeun kaadilan

pulisi teu cape ngatur lalu lintas

pulisi sok bageur nyebrangkeun nini nini di jalan

pulisi jadi idaman

kabeh hayang jadi pulisi

loba anu daptar

ti budak nu ti gunung, lembur jeung kota.

anak tani, anak lurah, anak guru, anak pulisi ge hayang

bakating ku loba nu daptar

jadi seret asupna

kudu make panglicin

lain sambarang panglicin

panglicin nu lembaran

golosor duit

budak jadi pulisi

anu pantesna jadi pulisi

lantaran teu boga duit

ngan jadi impian hungkul

adil ayeuna ku duit

saha nu loba duit

pasti meunang kaadilan

Geus jadi pulisi

eta beuteung jadi bucitreuk

teiung kunaon

rata rata kitu

pulisi ge sok kapeung malak di jalan

keur neangan duit jajan

pulisi dulur urang

asalna bageur jadi badeur

lain salah manehna

tapi teu kuat nahan godaan

mun urang ge jadi pulisi meureun kitu

Tidak ada komentar: