Nu Tos Ningal Ieu Blog

Senin, 29 November 2010

Lirik: Kembang Tanjung Panineungan


ASK-PASUNDAN JAYA

(Ciptaan mang Koko, dikawihkeun munggaran ku Ida)

Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
di pakarangan nu remis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep.
Geus opat taun katukang ema nyipta mulung bentang nu marulang peuting tadi,
Bentang seungit ditiiran, pangangguran
Anaking jimat awaking, Basa ema mulung tanjung rebun-rebun,
bet henteu sangka aya nu datang ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
Nu opat poe teu melang ngepung gunung pager bitis cenah tiwas peuting tadi,
layona keur kadieukeun, dipulangkeun.
Harita waktu layona geus datang,
ema ceurik balilihan Ras ka hidep na Kandungan utun inji budak yatim,
deudeuh teuing Harita waktu layon geus digotong,
ema inget ieuh kana tanjung dikalungkeun na pasaran,
kembang asih panganggeusan ieung ti duaan.
Anaking jimat awaking Lamun ema mulung
Tanjung reujeung hidep, kasuat suat nya pipikiran tapina kedalna teh ku hariring,
hariring eling ku eling Kana tanjung nu dipulung
Eh... kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan, nu nyeungitan hate urang Panineungan.

Tidak ada komentar: