Nu Tos Ningal Ieu Blog

Kamis, 25 November 2010

Ngeunteung Ka Aki

ASK-PASUNDAN JAYA

Kuring boga aki nu watekna heuras mun ayeuna mah Ego Sentris. Pageuh ucapan,kuat pamadegan. Borojol tungtung abad 19. Geus teu aneh ai kolot baheula mah boga elmu. Elmu silat geus tangtu bisa, komo manggihan jurig mah geus teu aneh, maklum we baheula mah jurig masih loba keneh.Pernah oge dipanjara Walanda tapi bisa ngaleupaskeun diri (Pajuang tanpa tanda gelar).Kuat kana adat, mun gering embung disuntik jeung dibere obat kimia hayangna masih nu alami matak panjang umurna.Gawe di PJKA, pangsiun taun 50an.Si Aki dipikahormat jeung dipikagimir ku kabeh dulur jeung babaturanna. Nagara geus mardika, si aki hayang ngasaan mardika nu sabenerna, hayang ngasaan pamere ti nagara, nepi ka tukang PLN nagih bayaran manehna keuekuh ku embung mayar (merueun hayang apal nagara teh aya perhatian ka veteran teu?).Ahirna PLN ngelehan. Hiji kagiatan nu hade diconto nyaeta anjeunna sok resep pepelakan tangkal naon bae unggal poe salain jeung ngurus sato ingon-ingon jiga hayam,meri,entog,domba,jeung lauk. Jadi anjeunna mah rajin ka kebon ,balong jeung sawah ngurus pare jeung tatangkalan. Kadaharan teh teu kudu meuli geus aya di sawah,kebon jeung ingon-ingon.Hirup najan basajan tapi pinuh ku katengtreman. Buruan Imah teh iuh da hieum ku tatangkalan, nepi ka suweg2 ge aya. Kaayaan jiga kieu nikmat pisan komo ditambah isuk-isuk ngadengekeun cianjuran ti RRI , bari ngadahar kulub sampeu jeung cikopi panas reujeung ngadengekeun tikukur nu si aki disada. Taun 1993, sanggeus hajatan sundatan kuring,Sapoe memeh maot anjeunna masih jagjag da can pernah geuring ripuh. Anjeunna nitah ka kolot kuring titah pangnelponkeun anak-anakna nu aya di Jakarta. "Aya naon Pa?" ceuk kolot teh. Cokot duit di saku baju uing, ke uruskeun uing. Uing rek balik keudeung deui.Jeung geroan babaturan uing titah maturan. Kolot jeung ua teh bingung, tapi dilaksanakeun we da titah kolot.Ti harita keneh imah geus rame pinuh ku dulur jeung tatangga.Nu awewe mah langsung masak keur hajat kapapatenan najan si aki masih aya keneh, da dititah ku si aki.Budakna dititah nungtun macakeun talkin "La ilaha Ilalah" Teu rada lila si Aki mulang ka Pangawasa.


Ieu salah sahiji conto yen kolot baheula hirup basajan salaras jeung alam nu dilengkepan ku sukur ka Pangeran.

Tidak ada komentar: