Nu Tos Ningal Ieu Blog

Senin, 22 November 2010

Kamus Sunda


ASK-PASUNDAN JAYA

Aa=nenehna tina akang.Biasa dipake ku budak.
Aang=robahan tina aa
Abab=hawa ambekan anu kaluar tina sungut atawa irung.
Ablag=ngemplong,muka bae,molongo(panto,jsb)
Ablu,ngablu=Ulin kamana bae,teu puguh gawe.
Abrag=kasar.
abu-abu=kulawu
Acay=leuleueur sungut nu ngaley kaluar
Ngacay=ngaluarkeun acay
Ador,udar-ador,ngador=iinditan kanu jauh, teu puguh nu dijugjug
Ajrih=basa lemesna tina era
Alatan=Lantaran
Alpukah=Inisiatip
Ambarile=rasa teu ngeunah,mangrupacampuran tina rasa amis,haseum,asin,kesed,pait,jst.

Baal=Teu ngarasa nyeri lantaran katiisan/sanggeus disuntik
Babad=carita/sajarah.
Babakan=Kampung Anyar
Babat=kadut sato ngagayem.
Babay,kababayan=ngisingmurus teu katahan,lain dina tempatna.
Bacin,bau bacin=Bau bangke.
Bacot=basa kasarna tina sungut.
Bagea=kecap anteuran pikeun ngedalkeun rasa sono kanu datang tur jarang panggih.
Bagegel=Asa teuas,seueul.
Baha=teu nurut kana parentah.
Bajo=bajag laut
Bajong=borong;beuli kabeh
Balaka=wakca,terus terang,ngaku
Balakasikang=tomboy
Balakecrakan=dahar babarengan

Tidak ada komentar: